Jumat, 08 November 2013

malaikat tanpa sayap

Apr 15 Résénsi Film “Malaikat Tanpa Sayap” Film “Malaikat Tanpa Sayap” nyaritakeun aya hiji budak lalaki ngarana téh Vino, manéhna jeung kulawargana téh henteu deukeut pisan, hubunganana téh teu harmonis dina kulawargana téh. Vino anak kahiji jeung miboga adi awéwé anu umurna lima taun kénéh, ngarana téh Wina. Kulawarga Vino nambah teu harmonis saanggeus bapana, Amir, téh bangkrut dina bisnisna. Terus ditambah deui istrina Amir téh mutuskeun pikeun ninggalkeun Amir jeung dua anakna nya éta Vino jeung Wina. Lantaran dina kulawargana kurang harmonis jadi wéh Vino budak anus sok hayang cicing sorangan waé terus jarang ulin jeung babaturanana. Dina hiji waktu Wina kacilakaan di kamar mandi, ceuk Dokter Wina kudu dioperasi lantaran lukana téh parah, mun teu dioprasi bisa bahaya. Ngadéngé carita kitu Vino néangan usaha pikeun néangan duit keur biaya operasi adina Wina. Di Rumah Sakit Vino disampeurkeun ku hiji lalaki anu nawarkeun duit ka Vino sangkan manéhna téh donor jantung, teu mikir panjang deui Vino narima éta duit. Di tempat anu sarua ogé Vino kapanggih Mura, budak awéwé anu miboga panyakit jantung geus disebut panyakit parah pisan. Tapi kulantran ayana Mura, Vino jadi pribadi anu béda, manéhna jadi budak anu henteu sorangan waé, tapi jadi budak anu merhatikeun kulawarga jeung lingkunganana. Wina geus kaluar ti Rumah Sakit da geus cageur geus di operasi. Bapana Vino ogé geus boga pagawéan nya éta supir taksi. Terus Mura jeung Vino téh bobogohan, waktu téh dibéakeun ku duaanan waé. Mura jeung Vino jadi pasangan anu sejati, anu geus nyaho kakuranganana sewang-séwanganana. Tapi waktuna duaan waé téh geus beak, lalaki anu nawarkeun duit di Rumah Sakit téa nagih jantung Vino, anu teu sangaja saenyana éta jantung téh pikeun Mura anu miboga panyakit jantung téa. Dina ahir-ahir hirupna Vino hayang bisa jadi jalma bageur hususna pikeun bapana jeung adina. Di ahir cerita bapana Vino di tembak ku lalaki istrina Amir téa, anu ahirna mah nu jadi donor jantung ka Mura téh nya éta Amir bapana Vino. Mura jeung Vino téh jadi pasangan sejati. Unsur-unsur Intrinsik Film “Malaikat Tanpa Sayap” 1. Téma Téma film “Malaikat Tanpa Sayap” nya éta kisah cinta anu sedih anu moal bisa di pisahkeun antara Vino jeung Mura. 2. Alur (Plot) Alur film “Malaikat Tanpa Sayap” nya éta maju, lantaran dina film ieu caritana téh henteu nyaritakeun deui anu geus dicaritakeun mimitina. 3. Latar Latar téh aya dua rupa nya éta latar tempat jeung latar waktu. · Latar tempat Latar tempat film “Malaikat Tanpa Sayap” nya éta aya di imah, di rumah sakit, di jalan jeung di sakola. · Latar waktu Latar waktu film “Malaikat Tanpa Sayap” nya éta isuk-isuk, beurang, sore jeung peuting. 4. Palaku Palaku anu aya dina film “Malaikat Tanpa Sayap” nya éta Vino, Mura, Amir, Istrina Amir, Wina, bapana Mura jeung calo donor jantung. 5. Amanat Amanat anu aya dina film “Malaikat Tanpa Sayap” nya éta: · Kudu bersyukur kana ni’mat ti Gusti Alloh SWT · Kudu mikanyaah ka jalma-jalma anu aya di sekitar urang · Lamun hayang nu di pikahayang kudu bener-bener berusaha · Kudu sabar mun keur di uji ku nu Maha Kawasa. Diposkan 15th April 2012 oleh Riadi Abdurrohman sumber http://blognariadi.blogspot.com/2012/04/resensi-film-malaikat-tanpa-sayap.html Riadi Abdurrohman Semangat dalam hidup untuk mencapai suatu keberhasilan. Jun 22